Paheut babadamian jeung pamajikan, beurat-beurat oge rek dikaluarkeun tanah titinggal kolot teh. keun bae engke kagantian deui. manehna boga angkeuhan tina tunjangan jabatan. ayeuna mah pan gede. asak babadamian duit geus kasakuan.
Rencana poe minggu ieu manehna rek nepungan atasan na, anu bisa ngapromosikeun manehna dina pelantikan ayeuna. lamun kabawa teh manehna boga angkeuhan. sagala oge make duit. ku duit mah lancar ceuk jero hatena gilig wae.
Sorena ngadius kanu motor, teu poho duit hasil ngajual kebon dibawa, dianteur ku teuteup pamajikan. mudah-mudahan wae atuuh sing lancar ceuk dunungannya. da nu enggeus tara meleset. siapkeun baju safari warna biru, keur acar pelantikan. atuh balikna manehna nyimpang ka langganan ngaput nu geus biasa. gede hate. ngadagoan.
Pas dina waktu pelantikan, manehna mah teu kabawa. aya beja wae, maca dina koran si Asep nu meuli tanah manehna kabawa pelantikan.
Rame aya beja manehna asup rumah sakit. ceunah kaserang stroke. atuh ngajual tanah teh ngadon titirah di rumah sakit. malahan ayeuna kaancam pensiun "dini".
Selasa, 01 Mei 2018
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
AMANAH
Ngahaja titah karumpul Ngariung sakabeh dulur Terutama mah nu patuturun hulu Loba nu rek diketikkeun Anu pokona masalah Per...
-
Paheut babadamian jeung pamajikan, beurat-beurat oge rek dikaluarkeun tanah titinggal kolot teh. keun bae engke kagantian deui. manehna boga...
-
Ngahaja titah karumpul Ngariung sakabeh dulur Terutama mah nu patuturun hulu Loba nu rek diketikkeun Anu pokona masalah Per...
-
Teukaitung lobana bilangan Duka peuting ieu teh Jeung teu hayang ngitung Nu penting mah kuring Masih bisa sujud kanu kawasa A...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar