Selasa, 01 Mei 2018

AMANAH

Ngahaja titah karumpul
Ngariung sakabeh dulur
Terutama mah nu patuturun hulu
Loba nu rek diketikkeun
Anu pokona masalah
Perjalanan hirup kuring
Tapi nyangkut oge keur kahirupan sarerea
Nu pangpangna mah kahirupan dunya nu nyangkut akherat
Rizki anu ku urg ditampi
Tina takdir Allah
Kitu oge kanyataan kanyataan sejen
Turta oge kajadian kajadian sejenna
Urang loba duit ayeuna eta teh lain duit urang
Tapi titipan ti Allah
Aya hak fakir miskin di jerona
Jadi mening loba sodaqoh kalurkeun zakatna ku kuring ayeuna
Insyaallah rek dicontoan terutama heulakeun ka dulur ka tatangga nu katoong kurangna
Aya dina kaayaan pikarunyaeun
Ulah nepi ka urang balakecrakan ari tatangga gigireun jeung dulur aya keneh anu kalaparan
Aya pakeuna mah bikeun ulah beurat
Ingeut urang mah ngan saukur katitipan

SULAYA

Paheut babadamian jeung pamajikan, beurat-beurat oge rek dikaluarkeun tanah titinggal kolot teh. keun bae engke kagantian deui. manehna boga angkeuhan tina tunjangan jabatan. ayeuna mah pan gede. asak babadamian duit geus kasakuan.

Rencana poe minggu ieu manehna rek nepungan atasan na, anu bisa ngapromosikeun manehna dina pelantikan ayeuna. lamun kabawa teh manehna boga angkeuhan. sagala oge make duit. ku duit mah lancar ceuk jero hatena gilig wae.

Sorena ngadius kanu motor, teu poho duit hasil ngajual kebon dibawa, dianteur ku teuteup pamajikan. mudah-mudahan wae atuuh sing lancar ceuk dunungannya. da nu enggeus tara meleset. siapkeun baju safari warna biru, keur acar pelantikan. atuh balikna manehna nyimpang ka langganan ngaput nu geus biasa. gede hate. ngadagoan.

Pas dina waktu pelantikan, manehna mah teu kabawa. aya beja wae, maca dina koran si Asep nu meuli tanah  manehna kabawa pelantikan.

Rame aya beja manehna asup rumah sakit. ceunah kaserang stroke. atuh ngajual tanah teh ngadon titirah di rumah sakit. malahan ayeuna kaancam pensiun "dini".

Selasa, 27 Maret 2018



Teukaitung lobana bilangan
Duka peuting ieu teh
Jeung teu hayang ngitung
Nu penting mah kuring
Masih bisa sujud kanu kawasa
Alhamdulillah nuhun gusti
Tadi beurang kolot anu dipikolot ku kuring
Jam 17.50 tos kabagean jatah
Dipanggil ku Allah SWT dina yuswa +- 85 tahun
Ayeuna rencana bade dikurebkeun
Pala putrana tos carunduk
Nu deketna nu jauhna
Kuring ge teubina jauh tikitu
Nganti nganti bagian naon anu jadi bekel
Nu jelas mah lamun ingat kadinya hate ngereuntet
Gusti seueur dosa abdi teh
Mugi ngahapunteun gerentes hate
Dina dzikir peuting



Awak karasa seger
Matak basapanggih ngajak
Hayang jalan jalan cenah
Puguh wae teu kaleked
Ngadon meuli pangabutuh sabulaneun sabulaneun
Kabutuh di imah  sabun jeung sajabana
Sakalian meuli pulpen
Panggih jeung babaturan
Ningali kuring leumpang rarampeolan
Ari pok teh manehna ngomong  padahal kuring leuwih kolot
teu hayang nembal
Kitu lah sangkaan jelema mah
Gusti hapunffen abdi
Kaayaan mah teu bisa ditebak
Ku tetempoan lahir anu paling poko mah batin

AMANAH

Ngahaja titah karumpul Ngariung sakabeh dulur Terutama mah nu patuturun hulu Loba nu rek diketikkeun Anu pokona masalah Per...